Teu Salilana Kaala Hasilna

Kira-kira bada asar, manéhna geus ngabiur di jalan, satutas ngajalankeun kawajiban kuliah. Tunggang motor bébék kameumeutna, maksud mulang ka padumukan. Lalampahan téh kaitung lancar, sok sanajan patalimarga sabiasana ramé ku rupa-rupa kendaraan. Kampus, Cileunyi, Ujungberung, jalur rutinna ditempuh kalawan aman.

Tepi ka saacan Sukaasih mah, kira-kira deukeut SMAN Ujungberung, kaayaan ‘lancar-lancar sajah’. Ngan, barang tepi ka palebah Komplék Sukaasih, pameunteuna ujug-ujug sepa. Jajantungna dag-dig-dug, dumadakan ratug.

Bréh téh, aya ringkang-ringkang petugas pulisi ngajalajar. Razia! Yakin, danget éta keur diayakeun pamariksaan surat-surat kendaraan bermotor di lebah dinya. Pikareuwaseun pisan ningal para pulisi téh, da tayohna di luar kabiasaan jadwalna. Apan apal pisan iraha-irahana. Antukna, cekit motor dirém rada ngadadak. Picilakaeun ieu mah, sab SIM C-na teu dibawa!

Léok, motor rada ngagilek ka sisi jalan. Reg, eureun, laju manehna néangan jalan keur ngaliwatan pamariksaan. Geus kajudi, moal pibisaeun. Kajeun turun heula, kabeneran aya warung leutik, tukang mie rebus. Ceg, motor diparkirkeun. Manéhna mah teu talangké, sulusup asup ka jero warung. Dina pikiranana, kajeun pakuat-kuat nungguan waktu jeung pulisi, barina gé sakeudeung deui pantesna geus waktuna bubar oprasi téh.

Gék diuk na bangku. Nu ngaladangan, hideng. “Badé pesen naon, Kang?” pokna. Manéhna balaka, ku naon ujug-ujug nyulusup ka warung éta.

Teu lila, nu gunem catur di jero warung téh jadi nambahan. Bangun jadi leuwih haneuteun.

”Keur naon manéh di dieu?”
“Bade mésér mie rebus, Pa. Lapar, tos kuliah.”
“Ulah sok ngabohong! Ku naon tadi manéh motor dirém ngadadak, terus langsung asup ka warung?”
“Sumuhun, Pa, abdi langsung ngerém motor téh ku margi aya niat badé mésér mie rebus.”
“Geus ayeuna mah, sok mana surat surat kendaraana, SIM jeung STNK!”
“Punten, Pa, SIM mah teu kacandak, tapi STNK mah aya.”
“Nya enggeus, tilang waé!”
“Waaah, kumaha atuh, Pa, bakal panjang urusan sareng waktuna pami sidang mah.”
“Nya sok atuh, daméy wé, lima puluh rébu!” témbal nu rada ngaharéwos.
Jempling sakedapan.
“Pa, abdi mah anak kos, moal aya artos sakitu mah.”
“Manéh aya sabaraha…?”

Heuleut sawatara waktu, manéhna norojol, kaluar ti warung éta. Muru motor bébékna. Rarampa kana pésakna. Panjang akal téh ningan teu salilana kaala hasilna.***

(wroten by:emir/edited by:yzk)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kisah Kikeu

Imoel's Notes

Foto Djadoel