Kiwari nitih wancina
Mangsana urang patepang
Cunduk waktu urang patepung
Galura rasa nu lewang
Honcewang ngarungrum rasa hariwanga
Ningnang inggis udar tina tali gadang
Lawungan... sieun pada teu datang
Lima welas tahun urang paturay
Mawa diri sewang-sewangan, paburencay
Ngadu nasib bebenah diri
Nyukcruk ngaguar kahirupan
Macakal metakeun kabisa
Kiwari riung mungpulung
Pajonghok namplokeun kasono
Hayu dulur...
Babarengan sauyunan
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun
Paantay-antay panangan
Hiliwirkeun seungitna almamater
Urang sadulur... boga tekad nu sarua
Ulah luntur batan pajauh
Teu Pegat najan papisah
Sauyunan ulah pakia-kia
Tinggalkeun kahadean mangsa ayeuna
Mungguh mangpaat dunya akherat
(sadjak adalah daripada imoel, dan potret merupaken daripada ibenk)
Mantaps puisina, umi Iyen...
BalasHapussalut lah... tos sbbrh taun ngumbara di Lampung, tp msh tiasa ngarang puisi ngangge basa sunda....
hoyong keurseus ah....
(ibun)
Justru Ibund tambih tebih ti lembur tambih melankolis....
BalasHapus